Senin, 20 Januari 2014

KANYATAAN HIRUP

kanyataan hirup nu teu salilana sajalan jeung kahayang emang nyata ayana.
di dunia ieu loba pisan jelema MUNAFIK, aink salah sahijina. hayang nurutan batur bari teu ngukur ka kujur.

IEU Pangalaman hirup nu moal mungkin ku aink di pohokeun. sabanaraha taun ka tukang hirup
aink ngarasa ngeunaheun enya ge sagala teu boga. tp aink happy ku kaayaan kieu. teu mikiran kudu boga duit,beas sagala. nu peunting mah bisa ngariung jeung barudak sajalan jeung nu sapamikiran, silih nutupan kabutuhan, pada ngarti kana kaayaan.
"NULUNGAN KANU BUTUH, NALANGAN KANU SUSAH" bahela mah bener ayana.
Mun aya masalah ngobrol babarengan, bereskeun masalah ku sirah nu TIIS. pan ngeunaheun karasana.

Tp da ngarana ge hirup, " da HIRUP MAH PINUH ku KEJUTAN"haha, sabab jelema moal nyaho naon nu bakal kajadian isuk pageto dina kahirupanna. bener teu?.

Teuing kumaha mimitina,nu asalna aink,sia,jeung maranehna ngajaga harapan sangkan bisa ngaraih impian nu geus di susun baheula. Leungit ku sifat EGO jeung boga rasa tah ieu AINK. nu teu mikir kana rarasaan batur, ngomong sangeunahna  dini sungut, tara dipikir dua kali.
#fuck

Nu ku aink dirasa ayeuna jauh beda jeung baheula. baheula mah nu leutik sopan kanu leuwih geude, nu geude ngahargaan kanu leuwih leutik,jadi karasa kabersamaanna teh. tp beda jeung jaman ayeuna mah tong boro mikir ekuality, jeung batur sa tongkrongan ge silih deudeutkeun.ngarasa aink pang benerna,nga gogoreng batur bari jeung hirup soranganna ancur,
"nyapirakeun masalah GEUDE, ngageude-geudekeun LEUTIK". aink buktina.

mun geus kieu kumaha?____

KLIK
kaos puppilimage

Tidak ada komentar:

Posting Komentar